Wanci geus
nunjukeun jam salapan peuting, bi Ijah gura giru balik lantaran mun
kapeutingan susah angkutan umum. Mun seug lain tatanggana nu
kacilakaan,hoream cenah besuk karumah sakit peuting peuting. Geus
satengah jam nagen disisi jalan can hiji hiji acan angkot ngaliwat,
hatena tambah tagiwur lantaran hujan ngadadak ngagebret gede pisan,
kapaksa bi Ijah nyalingker ngiuhan dihandapeun tangkal asem. Untungna
hujan teh lila lila ngorotan, Teu kungsi lila, duka timana jebulna ujug
ujug aya motor dihareupeun, nu numpakna langsung nawarkeun jasa .
“Bade kana ojeg ?” pokna teh.
“Ieu teh ojeg…? Mangga atuh !” bi Ijah semu nu asa asa.
“Ka Raja Galuh mang !”
“Mangga ! jawabna pondok
Ditengah jalan
lamunan bi Ijah kumalayang,ras inget ka carita bi Ocoh nu
nyaritakeun,yen dilemburna keur gujrud aya ojeg kajajaden,ceuk beja eta
ojeg teh ririwana tukang ojeg anu tiwas ditelasan ku penumpangna.
Bulu punduk bi Ijah beuki kedeplik lantaran sakeudeung deui bakal
ngaliwatan kuburan tukang ojeg anu sok ngaririwaan tea.
“Boa boa nu
ditumpakan teh, ojeg..ojeg…hih !” bi Ijah ngagibrig, katambah ti
kajauhan hawar hawar aya sora anjing babaung. Najan sapapanjang jalan
dirungrung ku kakeueung, tapi teu burung nepi ka lembur. Reg ojeg
eureun dihareupeun imah, bi Ijah gura guru turun,terus kurah koreh kana
dompet nek mayar ongkos, ngan kaparengan euweuh receh, song
ngasongkeun duit saratus ribuan salambar. Gap ditampanan ku tukang
ojeg, biur tukang ojeg langsung mabur. Bi Ijah kontan ngagorowok.
“Ojeeeeeekkkk Seeeetaaaaannnnn !”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar